Latest Movie :

HEUREUY BADUY

HEUREUY BADUY

23 Maret 2014 pukul 22:28
Ieu mah beunang mulungan tina Ekspedisi Baduy 1 di CIBEO (Nov 2013)
Ngendong teh di imah Ayah K. Datang ka kajeroan teh jam 14.30-an. Sanggeus disuguhan dahar, ngobrol-ngaler-ngidul. Tah nu piseurieunana dipulungan ku kuring ^_^ bari sakalian didokumentasikeun.
Ngariung teh lobaan, Tim ti Bandung opatan, ditambahan ku Kang Subuh Baduy, Ayah K1, Ayah K2, Ayah K3, Ayah X, Ayah Y, Ambu K1, jeung barudakna. Rame pokona mah. Nya biasa nu panglobana nyarita urang Bandung, da urang Baduy kudu ditanya bae.

1. KUEH
Ayah K:  Eta kueh-kueh dibawa wae keur teundeuneun di luar
Kuring:   Naha?
Ayah K:  Apan manehna mah duaan (jeung pamajikanana)
Sarerea:  Seuseurian

2. PANGKENG
Kuring:     (bari panasaran) Upama euweuh pangkeng, kumaha gaweanana?
Ayah K:    (lempeng) Nya dilahun bae
Sarerea:    Seuri ager-ageran

3. SARUNG
Kuring:  Tah eta sarung alus
Ayah X:  Enya asup duaan
Ayah Y:  Genah ngagilirna
Sarerea:  Seuseurian mingkin maceuh

4. IKET
Eri:         Ieu mah meunang ngiket Mang Subuh (Kang Subuh)
Ayah K2: Enya, ulah diudar, ke luntur doa-na
Sarerea:  Seuri ngahehe

5. DISUNDATAN
Ayah K3:   Harita teh 20 taun katukang ka Bandung teh
Eri:           Atuh kuring olol leho kenehc
Ayah X:     Enya can disundatan
Ayah K2:   Ayeuna geus dua kali, nyah?
Sarerea:    Seuri kapiasem

6. GAMBIR
Ayah X:    Nu euweuh teh di dieu mah gambir, seureuh mah loba
Ayah K1:  Tapi gambir ge loba macemna 
Kuring:     Nu kumaha nu alus?
Ayah K2:  Nya nu kitu nu lengket
Kuring:     Nu kumaha nya?
Ayah K2:   Nya pokona mah gambir, tapi lain gambir Jakarta
Sarerea:    Sarerea ngaheheh
Eri:           Ning Ayah apal Gambir Jakarta?
Ayah K2:   Apal Jakarta mah, deukeut. Kungsi ka ditu
Kuring:      Sabaraha lila Ayah leumpangna?
Ayah K2:   Dua minggu bae, bulak-balik
Tim ti Bandung: (colohok) euleuh??
Share this article :

Posting Komentar

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Copyright © 2011. Pangajaran Bahasa - All Rights Reserved
Template Created by Creating Website Published by Mas Template
Proudly powered by Blogger