Latest Movie :
Recent Movies
Tampilkan postingan dengan label Pangajaran Kebahasaan. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Pangajaran Kebahasaan. Tampilkan semua postingan

Kata ganti orang dina basa sunda

KATA GANTI ORANG DINA BASA SUNDA

Kata ganti orang (pronomina persona). Terbagi tiga dan dapat bersifat tunggal maupun jamak, baik kata maupun frasa pronomial. Hanya dapat digunakan untuk mengganti nomina orang, nama orang, atau hal-hal lain yang dipersonifikasikan. Dalam bahasa Sunda terdapat penggunaan kata ganti yang penyebutannya disesuaikan dengan situasi penggunaan bahasa (undak usuk basa). Berikut ini beberapa kata ganti yang terdapat dalam bahasa Sunda.

A. Kata Ganti Orang Pertama (Aku/Saya)
Ini berhubungan erat dengan undak usuk basa. Adapun maknanya dalam bahasa Indonesia tetap "aku" ataupun "kami". Berikut ini beberapa contoh kata ganti orang pertama yang lazim digunakan.
1. Kuring rék indit ka Bandung  (Saya akan pergi ke Bandung.)
Ket: digunakan dalam situasi akrab, lawan bicara seusia.
2. Déwék rék nguseup di walungan.  (Saya akan memancing di sungai.)
Ket: Situasi akrab agak kasar, namun jarang digunakan.
3. Urang teu ngarti ku jalan pikiran manéh! (Saya tidak mengerti jalan pikiran kamu!)
Ket: Ini yang sering digunakan dalam percakapan situasi akrab/lawan bicara seusia.
4. Abdi mah tadi atos neda di bumi (Saya tadi telah makan di rumah)
Ket: Ini merupakan bahasa halus yang biasa digunakan dalam situasi formal, lawan bicara lebih tinggi usianya, atau dengan orang yang baru bertemu/belum kenal.
5. Langkung tipayun, sim kuring ngahaturkeun nuhun ka baraya sadaya nu tos sumping ka acara ieu. (Terlebih dahulu, saya ucapkan terima kasih kepada saudara-saudara yang telah datang ke acara ini.)
Ket: Ini biasa digunakan dalam situasi formal/ada khalayak ramai/bahasa tulis.
6. Aing mah kajeun gelut jeung sia tibatan dihina mah! (Saya lebih baik berkelahi dengan kamu daripada dihina!)
Ket: Ini merupakan bahasa kasar yang biasanya berhubungan dengan emosi si penutur.

B. Kata Ganti Orang Kedua (Kamu)
1. Manéh mah euy nu kitu waé teu ngarti. (Kamu tuh yang begitu saja gak ngerti)
Ket: Ini merupakan ragam bahasa akrab/seusia
2. Hidep téh geus lain budak leutik, sing bisa mawa diri. (Kamu bukan anak kecil lagi, harus bisa bawa diri)
Ket: Ini merupakan bahasa halus yang biasa digunakan pada lawan usianya lebih rendah.
3. Di dinya rék milu moal ulin ka Dago? (Kamu mau ikut gak main ke Dago?)
Ket: Ini merupakan ragam bahasa akrab/seusia. Orangnya sudah sangat dekat.
4. Anjeun teu weléh dipikasono ku Akang. (Kamu selalu dirindukan oleh Akang)
Ket: Ini merupakan bahasa halus dan orangnya sudah sangat dekat.
5. Ari silaing diomongan téh kalahkah ngalawan! (Kamu tuh diomongin malah melawan!)
Ket: Ini merupakan bahasa kasar yang digunakan berhubungan dengan emosi. Namun lebih agak halus dibanding sia.
6.  Ari sia, belegug pisan jadi jelema téh! (Kamu tuh bodo banget jadi manusia!)
Ket: Ini merupakan bahasa kasar yang digunakan berhubungan dengan emosi/marah.

C. Kata Ganti Orang Ketiga (Dia/Mereka)
1. Manéhna karék datang peuting tadi ti Jakarta. (Dia baru datang tadi malam dari Jakarta).
Ket: Ini merupakan ragam bahasa akrab/seusia.
2. Anjeunna kantos ameng ka Bandung basa taun kamari (Dia pernah main ke Bandung waktu tahun kemarin).
Ket: Ini merupakan bahasa halus.
3. Maranehna keur kémping di Cikolé. (Mereka sedang kemping di Cikole). 
Ket: Ini merupakan ragam bahasa akrab/seusia.
4. Aranjeunna téh tamu ti Malaysia. (Mereka adalah tamu dari Malaysia).
Ket: Ini merupakan bahasa halus.

Purwakanti


Purwakanti



Purwakanti nyaéta padeukeutna sora kecap dina ungkara kalimah, bagian-bagian kalimah, atawa réndonan kecap-kecap; utamana dina puisi. Perenahna bisa ngaréndéng dina sakalimah atawa sapadalisan, bisa ogé ngaruntuy dina antar padalisan.
Rupa-rupa purwakanti
Purwakanti pangluyu
Purwakanti pangluyu téh nyaéta purwakanti anu aya dina saungkara atawa sapadalisan, lain purwakanti antarungkara atawa antarpadalisan; jadi mangrupa purwakanti rantayan. Pangna disebut pangluyu, duméh nyaluyukeun sora atawa wianjana dina kecap-kecap.
Contona:
diteuteup ti hareup sieup (eu, eup)
disawang ti tukang lenjang (a, ang)
ditilik ti gigir lenggik

Purwakanti maduswara
Purwakanti maduswara nyaéta purwakanti anu murwakanti sora vokalna.
Contona:
Kokoro nyoso malarat rosa (o,o;a,a)
ambek nyedek tanaga midek (e)
kapipit galih, kadudut kalbu (i,i;u,u)
lalaki langit lalanang jagat (a,i;a,a)

Purwakanti cakraswara
Purwakanti cakraswara nyaéta purwakanti anu timbul lantaran aya sora-sora vokal anu patukeur tempat dina kecap anu padeukeut atawa saungkara.
Contona:
hirup-hurip
anjuk hutang
ngumbar napsu

Purwakanti laraspurwa
Purwakanti laraspurwa téh nyaéta purwakanti anu murwakanti engang atawa wianjana awal kecap, boh rantayan boh runtuyan.
Conto laraspurwa wianjana:
  1. Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten (tina kakawihan)
  2. Laut kidul kabéh katingali (tina guguritan)
  3. Kembang bodas buah bunder (tina wawangsalan)
Conto laraspurwa engang:
  1. palataran pasini pati
  2. sakadar sabrang salayan
  3. nu nyaksrak nyaliara
    ngaruksak ngaraksuk
    kaniaya kamanala
    mamalana manjang ngabanding ngaranjing ngambah jagat duriat

Purwakanti larasmadya
Purwakanti larasmadya teh nyaeta purwakanti anu dumasar kana perenahna aya di tengah-tengah ungkara antarpadalisan. Jadi mangrupa purwakanti runtuyan.
Contona:
Sok hayang nyaba ka Bandung
Sok hayang nyaho nanjakna
Sok hayang nanya nu pundung
Sok hayang nyaho nyentakna

Purwakanti laraswekas
Purwakanti laraswekas nyaéta purwakanti anu murwakanti engan tungtung, boh dina kecap-kecap anu saungkara (sapadalisan) boh dina kecap-kecap antarpadalisan (di tungtung padalisan). Jadi, anu jadi patokanana téh perenahna.
Contona:
Pecat sawed bati ewed
tengah dalu ngan hanjelu
mo humandeuar ku kadar
teu rék lumpat ku nu ngupat

Purwakanti mindoan kawit
Purwakanti mindoan kawit nyaéta purwakanti anu muncul lantaran aya kecap anu dipindo (dibalikan) deui dina awal padalisan atawa awal ungkara. Anu jadi patokanana téh nyaéta perenahna éta purwakanti.
Contona:
Lain bangban lain pacing,
lain kananga kuduna.
Lain babad lain tanding,
lain ka dinya aduna

 Purwakanti mindoan wekas
Purwakanti mindowan wekas nyaéta purwakanti anu muncul lantaran aya kecap anu dipindo (dibalikan) deui dina tungtung padalisan atawa ungkara.
Contona:
Kaseuseueuran istrina sok hayang ginding
teu diturut ka carogé maling-maling
carogéna keur goréng ulaheun ginding
samping goréng bajuna teu maké kancing.

 purwakanti mindoan kecap
Purwakanti mindoan kecap nyaéta purwakanti anu muncul lantaran malikan kecap dina kalimah, tapi hartina béda. Purwakanti mindokecap sarua jeung diapora.
Contona:
Hujan ngaririncik, kawas méré kila-kila yén bakal hujan cisoca.
Awakna nu ngalangkang katojo cahaya bulan purnama, teu weléh ngalangkang dina kongkolak panon.

Purwakanti margaluyu
Purwakanti margaluyu téh nyaéta purwakanti anu timbul lantaran aya kecap dina tungtung padalisan, dina puisi anu dibalikan deui dina awal padalisan sapandeurieunana.
Contona:
Sukingki haté sukingki
sukingki paselup bungah
Bungah kagiridig simpé
Simpé awak talipurna
talipurna manjing sirna
sirna ringkang nu sakujur
sakujur kadua rasa

Gaya Basa

Gaya Basa



Gaya basa nya éta corak éksprési basa boh dina prosa boh puisi, atawa cara kumaha ku pangarang dina ngagunakeun omongan (Iskandarwassid, 2003: 44). Gelarna gaya basa téh raket patalina jeung suasana kajiwaan nu maké basa, ku kituna gaya basa nu dipaké bisa ngagambarkeun suasana kajiwaan panyajak.
Sudaryat (2003: 124) ngabagi gundukan gaya basa, saperti nu dipertélakeun di handap ieu:
1) Ngumpamakeun (simile), nya éta gaya basa nu ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjén nu sipatna nembrak.
Contona: Kawas gaang katincak
2) Mijalma (personifikasi), nya éta gaya basa anu ngabandingkeun barang-barang cicing (teu nyawaan) disaruakeun jeung barang anu nyawaan saperti jalma. Contona: Gunung siga nu milu nguyung, lebak siga nu milu susah.
3) Ocon (metonomia), nya éta gaya basa anu ngagunakeun kecap ngaran salasahiji barang pikeun nyebut barang séjén anu aya patalina sacara logis.
Contona: Jang, pangmeulikeun Gudang garam!
4) Ngasor (litotes), nya éta rakitan basa anu dipaké pikeun ngarendahkeun diri, tandaning sopan atawa handap asor.
Contona: Ah gaduh tanah ogé ngan satapak peucang.
5) Rautan (eufimismeu), nya éta rakitan basa anu ngandung maksud ngomah-ngomahan haté batur sangkan henteu nyentug teuing karasana.
Contona : Indung bapana geus mulih ka jati mulang ka asal (maot)
6) Lalandian (metafora), nya éta gaya basa anu ngébréhkeun hiji hal ngaliwatan babandingan ku cara méré panglandi.
Contona: Leumpangna ngembang sampeu (dingdet).
7) Raguman (sinekdok) nya éta rakitan basa anu ngébréhkeun rupa-rupa hal dihijikeun, disawadahkeun, atawa disabeungkeutkeun. Raguman dibagi dua:
a. Hurunan (totem pro parto), nya éta rakitan basa anu nyebut sagemblengna (sakumna) padahal anu dimaksud mah salasaurang, sahiji, sawaréh.
Contona : Barudak SMA 2 keur diadu maén bal jeung barudak SMA 3
(anu maraén bal mah ngan 22 urang, lain sajumlahna murid SMA 2 jeung SMA 3).
b. Tunggalan (pars pro toto) nya éta rakitan basa anu nyebut sahiji atawa sabagéan padahal maksudna mah sakabéhna.
Contona: Raja baheula kudu diriung ku gelung, digéndeng-géndeng ku cangkéng (anu dimaksud lain diriung ku gelung jeung cangkéng tapi ku awéwé geulis).
8) Rarahulan (hiperbol), nya éta rakitan basa anu gunana pikeun ngayakinkeun anu séjén, bakating hayang dipercaya omonganana kaleuleuwihi.
Contona: Sawahna satungtung deuleu.
9) Kadalon (pleonasmeu), nya éta rakitan basa anu ngagunakeun kecap-kecap pikeun ngébréhkeun maksud leuwih ti mistina.
Contona: Anakna kembar sapasang.
10) Ébrehan (peripraseu), nya éta rakitan basa anu ngébréhkeun gawéna, gunana kaayaan hiji barang, jst, tapi ari nu dimaksud mah nya éta barang nu kaancikan (kayaan, gawé, atawa gunana) anu disebut téa.
Contona: Puputon sekar kadaton (putri)
11) Kahanan, nya éta rakitan basa anu ngébréhkeun kahanan, sipat, ciri anu husus atawa barang.
Contona: Raja leuweung pikeun nyebut maung
12) Silib (alegori), eusina dibalibirkeun, tujuanna sangkan anu diajak nyarita henteu éraeun atawa kasigeung haténa.
Gaya basa sindir aya tilu rupa, nya éta:
a. Ngomong dua (ironi) nu omonganana sabalikna tina maksudna.
Contona: Naha jang datang téh subuh-subuh teuing? (kabeurangan)
b. Nomong seukeut (sinismeu) nu eusina nyawad ku jalan lemes.
Contona: Teu sangka getol geuning putra ibu téh (kedul).
c. Nyungkun (sarkasmeu), eusina nyawad atawa ngawada.
Contona: Béakeun dahareun téh kabéh, kajeun batur mah teu kabagéan ogé.
Dicutat tina Skripsi Eka Herianto
 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Copyright © 2011. Pangajaran Bahasa - All Rights Reserved
Template Created by Creating Website Published by Mas Template
Proudly powered by Blogger