Latest Movie :

Budaya Sunda - Klenik jeung tahayul dianggapna sesat jeung musyrik



Budaya Sunda 

Klenik jeung tahayul dianggapna sesat jeung musyrik. Ahirna loba urang Sunda nu ninggalkeun kapamalian karuhunna nu mangrupa hal nu cenah tahayul tur klenik tea. Padahal ana ditalungtik mah eta nudisebut tahayul teh geuning gede manfaatna pikeun kahirupan urang sunda.Malah mah jauh tina syirik saperti nu geus ditudingkeun. contona KELOR

Daun kelor baheula sok dipake ngaluarken susuk (elmu supranatural anu disimpen dina awak) atawa sok dipake nganaaskeun keur nu boga elmu. Apes lamun di tempelan daun kelor.

Tutas ditalungtik, siki jeung daun kelor tetela secara kimia sanggup mengikat logam berat, jeung nganetralisir racun di walungan. Nepi ka cai walungan anu tercemar sanggup di netralisir ku daun jeung siki kelor.

Tuh geuning pertela naon wae anu ku ruhun dihubungkeun jeung klenik, mistik, mibanda teknologi anu can katalungtik.

Prak piara kelnik, mistik jeung supranatural budaya Sunda. Tapi kudu terus ditalungtik ku aqal sangkan kapanggih teknologi dina klenikna.

Lamun kiwari salah nalungtikna. Muga generasi kahareup masih keneh nyaho dongeng klenik jeung mistik tur ditalungtik deui ku aqal anu leuwih lantip.

Ieu perluna miara klenik, mistik jeung elmu supranatural keur ki Sunda.
Share this article :

Posting Komentar

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Copyright © 2011. Pangajaran Bahasa - All Rights Reserved
Template Created by Creating Website Published by Mas Template
Proudly powered by Blogger