Latest Movie :

KASALAHAN CARA NULIS NU GEUS LUMRAH

KASALAHAN CARA NULIS NU GEUS LUMRAH DINA DUNGA

Dina basa Arab, aya 4 bedana cara nuliskeun kecap "AMIN", nya eta:

1. "AMIN" (Alif jeung mim sarua pondok dibacana), hartina AMAN, TINGTRIM
2. "AAMIN" (alif dibaca panjang, mim dibaca pondok), hartina NEDA PANYALINDUNGAN
3. "AMIIN" (alif pondok & mim panjang), hartina JUJUR BISA DIPERCAYA
4. "AAMIIN" (alif & mim sarua dibaca panjang) hartina MUGI GUSTI NGAIJABAH

Tuluy kumaha mun ngucapkeun atawa nuliskeun, "Amien"??

Sabisa-bisa pikeun nu hiji ieu (amien) oge ulah, sabab ucapan "amien" tetela biasa dikedalkeun ku golongan penyembah berhala (paganisme) sabada ngadunga. Sesebutan 'amien' asalna tina ngaran Dewa Matahari Mesir Kuna, Amin-Ra, atawa disebut oge Amun-Ra

ULAH OGE NULIS ASS, ASSKUM, MOHD, MOSQUE, 4JJI, MECCA !!

''Ass, Askum'' dina ucapan salam
''Mohd'' pikeun singgetan nenehna Nabi Muhammad SAW
''Mosque'' pikeun nyebut masjid dina basa Inggris.
''4JJI'' kanggo nyerat Allah SWT.
''Mecca'' kanggo nyerat Mekkah dina basa Inggris.

Cara2 nyerat di luhur panuhun ulah dianggo deui! Margi hartosna:

Ulah nyebut atawa nulis Mosque, tapi kudu Masjid bae sabab sihoreng mosque teh wancahan tina reungit dina basa Inggris

MECCA teh nya eta tempat nyieun khamr/inuman keras sabangsa anggur jeung bir

Mohd sihoreng hartina teh anjing nu badag calawakna

Ulah deui2 nyerat Allah ku cara 4JJI sabab tetela eta teh hartina For Judas Jesus Isa almasih

Ulah nulis Ass atawa Askum dina salam tapi kudu gembleng Assalamu'alaikum (lantaran salam teh dunga), lantaran Ass hartina (punten) 'bool sia' jeung Askum hartina nya eta, 'sing cilaka siah!'

MASING INGET !!! Dina Basa Inggris
ASS = (p[unten) BOOL SIA
ASKUM = SING CILAKA SIAH

ku kituna, lantaran salam teh dunga, minimal tulis Aslmk atawa gembleng bae Assalaamu'alaikum

Kumaha saupama ngagunakeun dina SMS?

Leuwih hade urang ketik dinaTEMPLATE kekecapan saperti ASSALAAMU'ALAIKUM, WASSALAAMU'ALAIKUM WRWB, WA'ALAIKUM SALAM WRWB, ALHAMDULILLAH, SUBHANALLAH, ASTAGFIRULLAH jeung sajabana ku kituna urang kari INSERT TEMPLATE BAE.

Kanggo baraya nu nganggo BlackBerry, langkung gampil deui margi urang kantun ngatur auto text nu tiasa digentos ku aksara arab.

Misalna urang kantun ngetik ASL, ku kituna sabada ngetik spasi, otomatis bakal robih janten السلام عليكم .

Mugia ageung mangpaatna kangge urang sadayana. Aamiin
Share this article :

Posting Komentar

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Copyright © 2011. Pangajaran Bahasa - All Rights Reserved
Template Created by Creating Website Published by Mas Template
Proudly powered by Blogger