Latest Movie :

Bahan Ajar Kelas VII

PANGAJARAN 1
NGARANG GUGURITAN

Dina pangajaran ayeuna urang rek diajar ngarang guguritan. leu di handap aya cutatan guguritan tina buku paket anu bisa dibaca sarta dititenan wangunna ku hidep. Upama geus rengse pek pigawe soal-soal nu aya di handap!

Pangkur
Abong-abong lampah budak,
milampah kurang jeujeuhan jeung pikir,
ahirna loba kaduhung,
kolot nyarek dihulag,
sadar sotenan lamun geus buntu laku,
beuteung lapar jeung dahaga,
lantaran duit geus ledis.

Kacaturkeun nu duaan,
geus anjog ka tempat kantor pulisi,
ditanya naon nya maksud,
duanana nyarita,
bade wangsul milari jalan ten timu,
sim abdi bingung nya lampah rek wangsul teu boga duit.

Magatru
Coba teguh naon nu snkuna tilu
panon opal henteu galib
leumpang rumanggieung latun
estuning ku matak watir dongko bari alia-ol

Hulu nutug buntutna ngacung ka luhur
buluna carentik rintit
matana mangpuluh-puluh
rasa haseum semu amis
rajeg narangtung di kebon

Aya sumur di awang-awang ngagantung
caina herang tur amis
eusi daging bodas alus
nyokotna estu babari
boh dicokel boh dikerok


Latihan
A.      Pilih jawaban a, b, c, atawa d anu dianggap bener!
1.       Pupuh Pangkur di luhur teh diwangun ku... pada.
a. hiji                                                               c. tilu
b. dua                                                             d. opat
2.       Dina sapadana aya... padalisan (jajaran).
a. lima                                                             c. tujuh
b. genep                                                        d. dalapan
3.       Anu dicaritakeun dina pupuh Pangkur di luhur teh nyaeta budak anu..
a. sabar tawekal                                            c. kurang jeujeuhan
b. ati-ati lamun digawe                                d. resep nyimpen duit
4.       Eta budak teh sangsara lantaran....
a. teu boga indung                                       c. duitna beak
b. aya nu neunggeul                                    d. kudu lalampahan jauh
5.       Budak nu duaan ahirna datang ka....
a. kantor bank                                               c.   kantor pulisi
b. kantor bupati                                            d.  kantor pos
6.       ahirna loba kaduhung,
kolot nyarek dihulag,
Kecap dihulag dina eta rumpaka hartina....
a. teu didengekeun                                     c. dilaksanakeun
b. teu diturut                                                d. diestokeun
7.       Kacaturkeun nu duaan,
geus anjog ka tempat kantor pulisi,
Kecap anjog dina eta rumpaka hartina....
a. indit                                                            c. tepi
b. tangtu                                                        d. balik
8.       Pupuh Magatru di luhur mangrupa tatarucingan.
Ceuk hidep kira-kira naoh anu sukuna tilu panonna opat teh?
a. jalma                                                           c. aki-aki
b. barudak                                                     d. kuya
9.       Ari nu buluna carentik rintit, matana mangpuluh-puluh teh naon?
a. lutung                                                         c. ganas
b. kalajengking                                              d. salak
10.    Aya sumur di awang-awang ngagantung. Cing teguh naon?
a. buah kalapa                                               c. hujan
b. buah kadu                                                 d. Panonpoe






B.       Jawab kalawan singget ieu pananya di handap!
1.       Jentrekeun ku hidep naon anu disebut guguritan teh! ………………………………………..………
2.       Terangkeun naon ari nu disebut guru lagu jeung guru loilanganl
Gum lagu               : …………………………………………………………………………………….……………………
Gum wilangan       : …………………………………………………………………………………….……………………

3.       Naon anu nu disebut sekar ageung jeung sekar alit?
Sekar ageung        : …………………………………………………………………….……………………………………
Sekar alit                : ….………………………………………………………………………………………………………
4.       Pupuh teh jumlahna aya sabaraha? Cing pek sebutkeun sarta tulis hiji-hijina!………………

C.       Ngarang Guguritan
Sabada nengetan jeung nembangkeun pupuh di luhur, cing pek hidep diajar ngarang guguritan dina pupuh Pangkur jeung Magatru. Jejerna mah bisa naon bae, naha sumanget diajar, nulungan batur, atawa pangalaman sapopoe anu lucu pikaseurieun. Kahade poho kana patokan guru lagu jeung guru wilanganana. Teu kudu panjang-panjang, masing-masing sapada oge cukup.
A.       Pangkur
………………………………………………………………………………………………………………………………………...
…………………………………………………………………………………………………………………………………………

B.       Magatru
…………………………………………………………………………………………………………………………………………

…………………………………………………………………………………………………………………………………………
Share this article :

Posting Komentar

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Copyright © 2011. Pangajaran Bahasa - All Rights Reserved
Template Created by Creating Website Published by Mas Template
Proudly powered by Blogger