NYIAR ELMU TINU GAPLEH
6 September 2011 pukul 14:34
Judi
teh seueur jenisna, aya togel, remi, poker, gapleh jeung sajabana. Tah
dina kasempatan ayeuna abdi bade berbagi elmu istilahna mah, da kumargi
dinu Al-Qur'anul Karim ge "Tepikeun sanajan ngan sa ayat". Ku kituna
mugia naon anu ditulis ku simabdi dinu ieu catetan tiasa dicandak elmuna
sareng tiasa aya manfaatna kanggo urang sadayana. Amien
Dinu kasempatan ayeuna simkuring bade ngobrolkeun hiji hal nu sok
dianggo judi nyaeta namina teh "GAPLEH". Parantos kauninga ku urang
sadayana panginten nu kumaha rupana gapleh teh?? Aya nu tacan terang??
Ari nu namina Gapleh teh nyaeta bahan kanggo tipung, "GAPLEK" eta maag
(ceuk panayagan) oh GAPLEK ??
Gapleh teh nyaeta hiji permainan kartu nu bentukna teh pasagi panjang
teras aya nu buleudan di tengahna teh warna beureum sapertos gambar
digigir.
Seueur nu nyebutkeun yen GAPLEH teh haram, kumargi sok dianggo kanggo
judi. Leres eta teh tapi pami ngangge artos sareng nu sajabana. Upami
teu ngangge artos mah teu nanaon da etang-etang kanggo hiburan. Dina
palebahan dieu hayu urang nyandak elmu tina eta GAPLEH teh dina rangka
ngadeukeutkeun urang ka Gusti Alloh Nu Kagungan abdi-abdi sadaya.
Dina Gapleh sok aya nu namina teh "BALAK". Nyaeta dimana hiji kartu
si jumlah buleudan nu diluhureun garis sami sareng nu di handapeun
garisna. Contona sapertos gambar di gigir.
Tah pami urang nuju maen "GAPLEH" urang teh kedah emut k Gusti Alloh,
kumargi dinu katerangan ge "Kedah emut keur dimana bae, nuju kayaan
kumaha bae." Ari nuju maen gapleh kedah emut kanu naon??? tah didieu
tujuanna urang nyiar elmu dinu gapleh.
Sapertos nu tadi diobrolkeun ku abdi yen dinu gapleh teh aya balak. Tah pami urang nuju maen Gapleh terus teh kaluar:
BALAK 6 : Cing emut kanu rukun iman, pan rukun iman teh aya 6. 1.
Iman ka Gusti Alloh, 2. Iman k malaikat, 3. Iman kana kitab Alloh, 4.
Iman ka Rosul, 5. Iman kana poe akhir, 6. Iman kana qodo jeung qodar.
Sanes nganggap maen gapleh teh sabagian ti rukun iman sanes.
kaluar BALAK 5 : Cing emut urang teh agama islam, ari dinu islam teh
aya rukun islam namina, nyaeta 1. Syahadat, 2. Sholat, 3. Zakat, 4.
Puasa, 5. Munggah Haji mung kawasa dijalanna. Sareng deuih sanes
nganggap maen gapleh teh sabagian tinu rukun islam.
kaluar BALAK 4 : Urang teh manusa, ari manusa diciptakeun ku Gusti
Alloh tinu 4 unsur, nyaeta Cai, Bumi/Taneuh, Seuneu, sareng angin. Teras
manusa teh di ciptakeun dinu 4 cahaya nyaeta Beureum, Bodas, koneng
sareng hideung.
kaluar BALAK 3 : naon anu 3 dina kahirupan urang ?? nyaeta tekad,
ucap, lampah nu kudu saluyu ulah pasalingsingan, ari dinu ucapan mah ka
kulon tapi tekad jeung laku lampah urang ka wetan, pan teu nyambung
sareng teu saluyu.
kaluar BALAK 2 : Cing emut, di dunya teh aya 2 papasangan. awewe
lalaki, kaler kidul, ngulon wetan, bener salah, poek caang, gering
cageur, jeung sajabana.
kaluar BALAK 1 : Cing emut kana lafadz "Laa Illaha Ilallaah" nyaeta
Taya deui pangeran anging ti Gusti ALloh, taya deui nu wajib disembah ku
urang sadayana anging Gusti Alloh.
kaluar BALAK 0 : Apan urang sadayana teh awalna maag teu aya di ieu
alam dunya teh, nanging diciptakeun ku Gusti Alloh janten weh aya, tah
engke ge urang teh bakal teu aya deui. Naon buktina ?? Ieu wujud
ditungtut ku waktu, awak diala ku mangsa, diri diciwitan wanci anu
ngandung harti urang hirup di alam dunya teh hiji mangsa bakal pependak
jeung poe akhir anu ngandung poe pamungkas raga ditinggalkeun nyawa maot
pingaraneunana.
kaluar BALAKutak : Tah cing emut, abdi teh nuju lapar kumargi
parantos kaluar balakutakna hayu ah urang tuang heula ayeuna
mah..hehehehehehe
Ku hal sakitu nu tiasa didugikeun ku sim abdi, hapunten tina
kalepatan ageung sumawanten alitna pungkaskeun wae ieu catetan ku
kembang tinetik sinebaran sari tutup lawang sigotaka. .....
WASSALAM