Latest Movie :

KATUMBIRI ÉNJING-ÉNJING

KATUMBIRI ÉNJING-ÉNJING


1

Wangi, mun anjeun kuring. Naon nu bakal

dipilampah sajeroning ngambah lalakon?

Mending jadi Haydee, Ambu. Nyandingkeun

raja impian Count of Monte Cristo

Ah wangi, eta mah riwan

Hirupna katalian pangarang



2

Wangi, mun anjeun kuring. Naha rék hojah

nalukkeun buana panca tengah?

Ketak téh rék jadi Purbasari, murba napsu

dina ati nepi ka surti nastiti. Nyandingkeun

impian istri; Guru Minda ti Kahyangan nu

turun ti wiati

Ah Wangi, éta mah gundam

Hirupna katungkul prépantun



3

Mending jadi Wangi baé. Sab lain Kartini hiji

Ngawujudkeun gumiwang dina ati, tapi aya

dua Sartika nu ketakna ngendagkeun dunya!





Diedit deui, 22 Apil 2010
Share this article :

Posting Komentar

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Copyright © 2011. Pangajaran Bahasa - All Rights Reserved
Template Created by Creating Website Published by Mas Template
Proudly powered by Blogger