Latest Movie :

NYIAR ELMU TINU GAPLEH

NYIAR ELMU TINU GAPLEH

6 September 2011 pukul 14:34
Judi teh seueur jenisna, aya togel, remi, poker, gapleh jeung sajabana. Tah dina kasempatan ayeuna abdi bade berbagi elmu istilahna mah, da kumargi dinu Al-Qur'anul Karim ge "Tepikeun sanajan ngan sa ayat". Ku kituna mugia naon anu ditulis ku simabdi dinu ieu catetan tiasa dicandak elmuna sareng tiasa aya manfaatna kanggo urang sadayana. Amien

Dinu kasempatan ayeuna simkuring bade ngobrolkeun hiji hal nu sok dianggo judi nyaeta namina teh "GAPLEH". Parantos kauninga ku urang sadayana panginten nu kumaha rupana gapleh teh?? Aya nu tacan terang?? Ari nu namina Gapleh teh nyaeta bahan kanggo tipung, "GAPLEK" eta maag (ceuk panayagan) oh GAPLEK ??

Gapleh teh nyaeta hiji permainan kartu nu bentukna teh pasagi panjang teras aya nu buleudan di tengahna teh warna beureum sapertos gambar digigir.

Seueur nu nyebutkeun yen GAPLEH teh haram, kumargi sok dianggo kanggo judi. Leres eta teh tapi pami ngangge artos sareng nu sajabana. Upami teu ngangge artos mah teu nanaon da etang-etang kanggo hiburan. Dina palebahan dieu hayu urang nyandak elmu tina eta GAPLEH teh dina rangka ngadeukeutkeun urang ka Gusti Alloh Nu Kagungan abdi-abdi sadaya.

Dina Gapleh sok aya nu namina teh "BALAK". Nyaeta dimana hiji kartu si jumlah buleudan nu diluhureun garis sami sareng nu di handapeun garisna. Contona sapertos gambar di gigir.

Tah pami urang nuju maen "GAPLEH" urang teh kedah emut k Gusti Alloh, kumargi dinu katerangan ge "Kedah emut keur dimana bae, nuju kayaan kumaha bae." Ari nuju maen gapleh kedah emut kanu naon??? tah didieu tujuanna urang nyiar elmu dinu gapleh.

Sapertos nu tadi diobrolkeun ku abdi yen dinu gapleh teh aya balak. Tah pami urang nuju maen Gapleh terus teh kaluar:

BALAK 6 : Cing emut kanu rukun iman, pan rukun iman teh aya 6. 1. Iman ka Gusti Alloh, 2. Iman k malaikat, 3. Iman kana kitab Alloh, 4. Iman ka Rosul, 5. Iman kana poe akhir, 6. Iman kana qodo jeung qodar. Sanes nganggap maen gapleh teh sabagian ti rukun iman sanes.

kaluar BALAK 5 : Cing emut urang teh agama islam, ari dinu islam teh aya rukun islam namina, nyaeta 1. Syahadat, 2. Sholat, 3. Zakat, 4. Puasa, 5. Munggah Haji mung kawasa dijalanna. Sareng deuih sanes nganggap maen gapleh teh sabagian tinu rukun islam.

kaluar BALAK 4 : Urang teh manusa, ari manusa diciptakeun ku Gusti Alloh tinu 4 unsur, nyaeta Cai, Bumi/Taneuh, Seuneu, sareng angin. Teras manusa teh di ciptakeun dinu 4 cahaya nyaeta Beureum, Bodas, koneng sareng hideung.

kaluar BALAK 3 : naon anu 3 dina kahirupan urang ?? nyaeta tekad, ucap, lampah nu kudu saluyu ulah pasalingsingan, ari dinu ucapan mah ka kulon tapi tekad jeung laku lampah urang ka wetan, pan teu nyambung sareng teu saluyu.

kaluar BALAK 2 : Cing emut, di dunya teh aya 2 papasangan. awewe lalaki, kaler kidul, ngulon wetan, bener salah, poek caang, gering cageur, jeung sajabana.

kaluar BALAK 1 : Cing emut kana lafadz "Laa Illaha Ilallaah" nyaeta Taya deui pangeran anging ti Gusti ALloh, taya deui nu wajib disembah ku urang sadayana anging Gusti Alloh.

kaluar BALAK 0 : Apan urang sadayana teh awalna maag teu aya di ieu alam dunya teh, nanging diciptakeun ku Gusti Alloh janten weh aya, tah engke ge urang teh bakal teu aya deui. Naon buktina ?? Ieu wujud ditungtut ku waktu, awak diala ku mangsa, diri diciwitan wanci anu ngandung harti urang hirup di alam dunya teh hiji mangsa bakal pependak jeung poe akhir anu ngandung poe pamungkas raga ditinggalkeun nyawa maot pingaraneunana.

kaluar BALAKutak : Tah cing emut, abdi teh nuju lapar kumargi parantos kaluar balakutakna hayu ah urang tuang heula ayeuna mah..hehehehehehe

Ku hal sakitu nu tiasa didugikeun ku sim abdi, hapunten tina kalepatan ageung sumawanten alitna pungkaskeun wae ieu catetan ku kembang tinetik sinebaran sari tutup lawang sigotaka. .....

WASSALAM
Share this article :

Posting Komentar

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Copyright © 2011. Pangajaran Bahasa - All Rights Reserved
Template Created by Creating Website Published by Mas Template
Proudly powered by Blogger