Latest Movie :

Kolot kudu bisa ngabimbing barudak nalika barudak nongton tv

Kolot kudu bisa ngabimbing barudak nalika barudak nongton tv

Ya Allah dasar barudak, ku hobi2 teuing nongton Naruto. Tepi ka kuring ge kataji ngulik naon cik falsafah nu aya satukangeun Naruto teh. Kapanggih make falsafah Kirata:
1. Ngaran lengkep Naruto teh, Uzumaki Naruto. urang rucat:
U=Urang
Zu= Zuhud dina kahirupan
Ma=Maot moal mawa naon2, iwal amal perbuatan
Ki=Kiblat urang Ka'bah. hartina salila hirup kudu salat raga katut jiwana, implementasikeun salat dina kahirupan nyata

Na= Nabi
RU= RosUl
To= Conto

Hartina Nabi jeung Rosul jadi conto jeung panutan urang dina kahirupan.

2. na jero awak naruto ngancik siluman careuh buntut 9 nu jujulukna Kyuubi (buntut 9) ngaranna Kurama. Urang rucat make Kirata;

Kyuu: Kayungyun. Hirup mah kudu pikayungyuneun, ahlahk hade, terpuji, lain ahlak nu goreng!
Bi: ari hirup urang teh bi; bi'aunillah, biqudratillah, bi'idznillah. jste, tegesna hirup mah lain karep urang, anging Allah nu nangtoskeun

Ku: Kudus, hartina suci. sanajan hirup lamokot ku dosa, sucikeun diri urang ku tobat, teu weleh istighfar, dzikrullah!
Ra: rasa kudu diasah. Kudu boga rasa kepedulian, kesetiakawanan, ngarasakeun kasusah batur, ulah egois hirup teh
ma: manusa. Sing inget yen urang teh manusa nu dipapancenan ku Allah jadi khalifah di ieu dunya! Jalankeun kawajiban salaku manusa.

Kurama boga buntut 9 nu ngalambangkeun dina sapoe sapeuting maca syahadat 9 kali, nya eta dina waktu salat, dina atahiyat. subuh 1x, lohor 2x, ashar 2x, maghrib 2x, isya 2x. Total kabeh 9 kali! Hartina dina sapoe sapeuting urang wajib salat 5 waktu nu otomatis urang minimal ngucap syahadat 9x dina sapoe-sapeuting!

3. Kurama teh nya eta hiji sato careuh (musang). careuh emang sok ngakan hayam, tapi careuh ge ngakan oray-oray nu peurahan nu ngabahayakeun manusa. ieu hartina najan urang hirup pasti migawe dosa, tapi bisa ngimbangana eta dosa ku kataatan, nepi ka dosa teh kahapus ku kataatan eta.

Wallahu a'lam bishshawab!
Share this article :

Posting Komentar

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Copyright © 2011. Pangajaran Bahasa - All Rights Reserved
Template Created by Creating Website Published by Mas Template
Proudly powered by Blogger