Latest Movie :

BSM (Bantuan Siswa Miskin)

BSM (Bantuan Siswa Miskin)

Nu ngaranna BSM (Bantuan Siswa Miskin) sakuduna dikokolakeun alias dikelola murni ku sakola. ieu mah kalah ka disalurkeun ka siswa langsung, atuh boro2 dipake jang pendidikan, malah dipake nu lain2. meuli hp lah, tablet lah jsb. nurustunjung pan? aya deui siswa nu kolotna gejul, ngadon diake meuli perhiasan eta duit BSM teh. ngabuktikeun TEU PANTES DISEBUT MISKIN! ah da nu salah mah pamarentah lain ku gejul2 teuing kolot siswana. NYIEUN KAWIJAKAN TEU TEPAT SASARAN! BEGITULAH ENONESA

ROSANTI

Memang SMP Gema Pancasila ngarapatkeun masyarakat sareng orang tua siswa waktu rek menta infak. Sabab dugi ka danget ieu tos 14 ka 15 taun ngadeg malah ujian tos mandiri teu kenging bos. Ahirna jumlah infak teu maneuh, aya nu 25 - 100 rebu gumantung ka sanggupan. Nu ahirna tina 60 siswa teh nu maneuh mayar infak mah anu 100 duaan, anu 50 opatan. Nu sejenna mah pleng we teu malayar jeung teu ditagih.

Teter ku duit ahirna muntang ka Ceu Popong kanggo BSM. Kenging 60 uranganna ageungna 575 rebu saurang. Dicandakna ku orang tua siswa mung dirapatkeun heula. Dianggo seragam olah raga sareng harian. Sesana dikanu infakeun. Satuju sadayana deuih.

Aya dua urang nu teu setor artos ka Sakola bari teu beja teu carita. Diantarana Rosanti. Pleng we deui budak teh geus narima duit mah teu Sakola. Ahirna di tepungan ka imahna. Alesanna loba.

Kapanggih we duit teh cenah dipake meuli kalung emas ku indungna. Sawareh di beulikeun beas. Rosanti di olo supaya sakola deui keun we baju olah raga jeung seragam mah dibere. Samalah ti Desa oge aya bantuan nu perlu ditanda tangan heula ku Sakola kakara cair.Lamun daek sakola ditandatangan ku pupuhu sakola lamun teu sakola mah da piraku sakola ngabohong.

Keukeuh mugen teu sakola ahirna kaluar. Nu model Rosanti lain saurang, kolot budak kalah make duit bantuan. Ngan nu sejen mah tonggoy we sakola. Rosanti budak bageur ngarasa era ku talajak kolot. Ahirna mugen teu daek sakola.

Ieu akibat sakola gratis jeung bantuan murid anu langsung ka kolot budak teu ngaliwatan sakola.
 
Share this article :

Posting Komentar

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Copyright © 2011. Pangajaran Bahasa - All Rights Reserved
Template Created by Creating Website Published by Mas Template
Proudly powered by Blogger